Pemandangan Alam Purwakarta, Jawa Barat, Indonesia

Pemandangan Alam Purwakarta, Jawa Barat, Indonesia
Dari: Koleksi Pribadi Slami Pekcikam

Pemandangan Jalan Raya Memecah Bukit Purwakarta, Jawa Barat, Indonesia

Pemandangan Jalan Raya Memecah Bukit Purwakarta, Jawa Barat, Indonesia
Dari : Koleksi Pribadi Slami Pekcikam

Sabtu, 01 September 2018

Seuri Ningalina

Kunaon weuh da ngan saukur hayang seuri
Meuni loba tatanya
Tatanya jiga pagawe sensus
Sorot socana nyureng kawas setan
Lambeuyna seuket jiga peso tukang jagal
Lampahna di bunian ku sujud ka Gusti
Pinuh tipu daya

Api-api ka dunungan tunduk
Ngajebean mun ningali tonggong dunungan
Sungutna pateuh jiga jelema stroke
Hatena pegat jiga jelema nu teu eucreug

Ngan hayang seuri hungkul ningalina
Hayang di aku ngan kalakuan jiga kitu
Pinuh kaculasan
Pinuh kabaongan

Seuri weuh
Jor teuing kudu mikiranana
Pabeak-beak energi

Seuri weuh da eweuh anu nyarek

Tidak ada komentar:

Posting Komentar