Ucul-uculan rasa
Maneh anu geus asup kana dada
Geus mirasa diri, maneh ujug-ujug ngaleungit
Karasa pisan nyelekit
Teu kawasa ngalawan takdir ti Gusti
Sumasrah bari ngajerit ceurik jero ati
Kalangkang manehna masih keneh ngagalayut dina utek
Ngalengkah dina kahirupan euweuh manehna karasa butek
Mun manehna jol datang deui
Mun manehna nenjokeun kacinta kalayan masrahkeun diri
Sumeblak hate moal diwaro
Bakal ngekeupeun sakabeh kasono
Uculna rasa ayeuna
Kusabab euweuh manehna
Gusti, hampurakeun sagala dosa
Siuk jiwa ku kanyaah Pancipta
Tidak ada komentar:
Posting Komentar